Download lagu BANONDARI oleh Bandung Music, Krishna Sagara, Riyanti Darlia Mp3 disertai lirik lagu di Stafaband. Download Gak Ribet dan CEPAT. Lagu BANONDARI adalah album single.
| Artis | Bandung Music Krishna Sagara Riyanti Darlia |
| Judul | BANONDARI |
| Album | BANONDARI (Single) |
| Dirilis | 2025 |
| Album Tracks | Total 1 Tracks |
| Durasi | 08:42 |
| Audio Summary | MP3, 48 kHz |
Lirik Lagu
Éh, Banondari anu dénok, anu montok
Matak moho, matak pogot
Nu geulis mani amis
Nu éndah matak kabita, duh, Geulis (I love you, darling)
Ngan hanjakal, Nyai teu
Lihat Semua Lirik
Lirik Lagu
Éh, Banondari anu dénok, anu montok
Matak moho, matak pogot
Nu geulis mani amis
Nu éndah matak kabita, duh, Geulis (I love you, darling)
Ngan hanjakal, Nyai teu kaopan
Gampil bendu mun kasinggung perasaan
Tutunjuk bari neuteuli, nyarios bari nyoroscos
Cé-cé-cé-céréwéd lir manuk toéd, noéd
Najan kitu, diri Nyai tetep narik
Imutna matak kapincut, ilatna matak tibelat
Lambey ipis lir kuéh lapis, mun digégél tangtu amis
Aduh, tobat, Nyai
Aso lali wa owa éng
Aso, aso, aso lali wa owa éng
Aso lali wa owa éng
Aso, aso, aso lali wa owa éng
Engkang, sembaheun abdi Narpati nu gagah sakti
(Nyai, kumaha? Kumaha, Geulis?)
Engkang téh jago ngarayu, percéka mikat wanita
Teu perduli aya nu boga, Engkang
Di dunya taya duana pameget nu kawas engkang
Waruga jalugjug jangkung, ngajedig halisna kerung
Purah ngudag-ngudag bikang, aduh, Engkang
Diraksukan ku henteu matut
Dilancingan ogé randutdut
Kumis cokrom, buuk gondrong
Lir barongsay keur ngadangong
Aduh, Engkang (alah, Akang siga barongsay?)
Éh, Banondari, ulah kitu
Cinta engkang téh saéstu, lain cinta imitasi
Tapi cinta nu sajati
Cinta engkang mah teknologina ca-ca-canggih, Geulis
Cinta engkang dijamin moal rék luntur, cintaku hanya untukmu
Dunya brana teu kabilang
Neundeun duit di unggal bank, emas inten golondongan
Kop téh, tah, kabéh keur Nyai
Bisi hayang pelesiran langlang jagat
Bari shopping ka unggal nagara
Ka Jepang eujeung ka Hongkong
Ka New York eujeung ka Paris
Atawa rék ka Cilincing
Pék, atuh geura balaka
Kahayang mah pasti aya
Asal bener cinta ka akang
Aduh tobat, Geulis
Aso lali wa owa éng
Aso, aso, aso lali wa owa éng
Aso lali wa owa éng
Aso, aso, aso lali wa owa éng
Engkang (apa, Sayang?)
Engkang téh geuningan bodo
Ngarayu carana kuno
Nyombo bari ngolo-ngolo, Engkang
Cinta sanés komoditi, teu bisa dibeuli-beuli
Najan ayeuna keur tréndi
Atawa ditawar-tawar, najan dibayar ku dollar
Abdi mah da henteu hayang
Aduh, engkang playboy
Aduh, playboy, aduh, playboy, Engkang
Pameget mah di mana-mana gé sami
Eukeur bogoh, sok kokorowot
Eukeur geugeut, keukeureuweut
Mun can beunang, panasaran
Engkang panasaran